Kantong Infus

Ka kantong Infus nu ngagantung gigireun pangsarean !, pang talingakeun manehna, Tetegkeun hatena, herewoskeun ...cai nu ngeclak satetes-satetes ,mangrupa doa-doa iklas nu ngaguluyur dikedalkeun ku mangpirang-pirang raga nu mikanyaah !.
" Mangga !! " Ceuk Infus. Tapi teu bisa kebat, jawabanna ka pengkek, waktu botolna di dudut, bareng jeung kaen hejo nu ngarurub, nutupan renghap pamungkasna.
Langit jadi kulawu, ngan kari sora - sora ,nu pating aringhak, silih tembalan, ninggalkeun kamar nu olohok, silih kiceup jeung simpe !.